Daftar Isi | Pidato Perpisahan | Pidato Sambutan | Pidato Inggris | Pidato Sunda | Video Aneh | Video Lucu |

Rabu, 08 Desember 2010

Contoh Pidato Sunda 25

Contoh Pidato Sunda | Biantara Laporan Ketua Panitia Pasanggiri Pupuh

-----------------------------------------------------------
Gratis 100 contoh pidato tanpa syarat apapun?kik disini
atau mau yang ini? klik sekarang CD koleksi 100 contoh pidato dalam format Ms Word.
-----------------------------------------------------------
Biantara Laporan Ketua Panitia Pasanggiri Pupuh

Hatur nuhun ka pangatur acara anu parantos masihan waktos sareng tempat ka sim kuring kango ngadugikeun laporan panitia. Salajengna sim kuring seja ngadugikeun salam ka sadayana; assalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh, ditéma ku kedaling puji ka Gusti anu Mahasuci; alhamdulillahi robbil ‘alamin, réhna ku ayana widi ti Anjeunna ieu acara tiasa lumangsung kalawan lungsur-langsar.

Hadirin anu dipihormat,
Sim kuring sasanggem dina ieu waktos téh ngawakilan sakumna réngréngan panitia anu parantos dipasihan kapercantenan kanggo ngokolakeun kagiatan pasanggiri pupuh tingkat kacamatan. Sim kuring saparakanca anu jumlahna opat welas jalmi kalayan resmi parantos di-SK-an ku Bapa Camat dua sasih anu parantos kalangkung. Nya ti ngawitan harita sakumna panitia cuh-cih; ngayakeun gempungan, nyusun rarancang kagiatan, milarian waragad, nangtoskeun waktos sareng tempat lumangsungna pasanggirinyebarkeun uleman ka sakumna calon patandang, nangtoskeun déwan yuri atanapi girang pangajén, dugi ka derna pisan acara dina dinten ieu. Sim kuring saparakanca seja ngahaturkeun nuhun ka Bapa Camat anu parantos masihan kapercantenan kanggo janten panitia. Ieu kedaling panuhun téh ogé disanggakeun ka sakumna sesepuh sareng paraseniman katut budayawan, anu parantos masihan panuyun, bongbolongan, sareng rupi-rupi bahan ka panitia. Tanpa ayana panuyun ti aranjeunna, sim kuring saparakanca bakal seueur utag-atog dina ngalaksanakeun ieu acara téh. Teu hilap deuih sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka Bapa-bapa sareng Ibu-ibu staf kacamatan katut lembaga sanésna anu seueur pisan masihan bantuan ka panitia. Saterasna sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka sakumna masarakat kacamatan Cikarang, hususna pisan mah ka anu ngariring ancrub jenten patandang ieu pasanggiri.Namung sok sanaos kitu, alhamdulillah pangbagéa ti masarakat kaétang ageung. Buktosna waé ti dalapan désa nu aya diwewengkon Kacamatan Cikarang, sadayana ngintunkeun utusan. Salajengna ku sim kuring badé didugikeun ka Bapa Camat sareng sakumna anu hadir; kanggo tingkat SD aya 46 patandang, sareng kanggo tingkat SLTP aya 18 patandang. Ku émutan sim kuring mah ieu jumlah patandangtéh kaétang nyugemakeun.
Jalaran patandang kaétang seueur, ieu pasanggiri téh badé diduadintenkeun; dinten ieu sareng dinten énjing. Kanggo dinten ie, patandang tingkat SD anu kabagéan waktos. Énjing giliran tingkat SLTP, bari disakantenankeun sareng wawaran kajuaraan. Dupi pamasrahan hadiahna mah insya Alloh badé disarengkeun dina acara resépsi 17 Agustus, sakantenan badé digabungkeun sareng pamasrahan hadiah kanggo pasanggiri katut perlombaan sanésna.
Dupi pupuh wajib anu kedah ditembangkeun ku saban patandang nya éta miling tina salasawios pupuh sekar ageng; Kinanti, Sinom, Asmarandana, sareng Dangdanggula. Upami pupuh pilihanana, saban patandang tiasa nyandak salasawios ti saluareun anu opat nembé. Boh pupuh wajib boh pupuh pilihan, sadayana ogé parantos disadiakeun ku panitia.
Dina ieu kasempetan,sim kuring sakantenan ngadugikeun sah-sahana girang pangajén. Tangtos kanggo urang moal bireuk deui.Girang pangajén disesepuhan ku Bapa Penilik Kebudayaan, lajeng diwuwuh ku réngréngan anggotana anu seueurna opatan, nya éta Ibu Hajjah Cicih Sudarsih, Bapa Drs. Diki Darmawan, Bapa Ahmad Sahroni, sareng Ibu Dra. Yuningsih. Alhamdulillah, sadayana girang pangajén ayeuna parantos tiasa sumping.
Hadirin hormateun sim kuring,
Ieu pasanggiri tiasa lumangsung kumargi ayana pangrojong ti sadayan pihak. Jalaran kitu, sim kuring saparakanca teu kinten nganuhunkeunana. Pamugi waé kasaéan Bapa, Ibu, sareng Sadérék sadayana kalebet kana amal anu baris diganjar ku Alloh swt., amin!
Ku tiasa lumangsungna ieu pasnaggiri téh sim kuring saparakanca gaduh harepan, mugi-mugi waé perhatosan urang kana seni budaya titinggal karuhun sing tambih ngaronjat. Ieu pasanggiri pupuh, mugi-mugi sing kalebet kana tarékah pikeun miara sareng mekarkeun salasawios jati diri urang.
Minangka pamungkas pisanggem, sim kuring saparakanca seja nyuhunkeun dihapunten tina sadaya kakirangan dina ieu acara. Sok sanaos ari dina leresan tataharna mah asa atos maksimal, tapi rupina ari kakirangan mah sok aya waé. Janten, hapuntenna anu kasuhun, utamina ka sakumna patandang, girang pangajén, sareng parauleman.
Sakitu anu kapihatur. Pamugi ieu acara téh sing tiasa lancar dugi ka lekasanana. Sareng pamugi waé aya dina rido Gusti Anu Mahasuci, amin!
Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Sumber: Drs. Tatang Sumarsono. 2006. Biantara Basa Sunda.
Bandung: CV Geger Sunten.


(http://sundagasik.blogspot.com/2010/01/biantara-laporan-ketua-panitia.html)
-----------------------------------------------------------
Gratis 100 contoh pidato tanpa syarat apapun?kik disini
atau mau yang ini? klik sekarang CD koleksi 100 contoh pidato dalam format Ms Word.
-----------------------------------------------------------

Tidak ada komentar:

Posting Komentar