Daftar Isi | Pidato Perpisahan | Pidato Sambutan | Pidato Inggris | Pidato Sunda | Video Aneh | Video Lucu |

Rabu, 08 Desember 2010

Contoh Pidato Sunda 2

Contoh Pidato Sunda | Ngawangun Nagri nu Utami
-----------------------------------------------------------
Gratis 100 contoh pidato tanpa syarat apapun?kik disini
atau mau yang ini? klik sekarang CD koleksi 100 contoh pidato dalam format Ms Word.
-----------------------------------------------------------

Innal hamda kullahu lillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na’udzu min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.

Asyhadu anla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rosuluhu, la nabiya ba’dah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangéran Nu Nu Maha Kawasa, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ‘ala ni’matillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kumpul ngariung paamprok jonghok dina ieu makom, dina raraga ngamumulé atanapi miémut “hari jadina” Kabupaten Ciamis anu ka 368. Acara ieu parantos janten adat tatali rasa pikeun Pemda Kab. Ciamis jeug sakumna warga masrakat Tatar Galuh Ciamis enggoning ngajantenkeun Kabupaten Ciamis janten Nagari anu Utami. Sakumaha anu parantos dijantenkeun visi ogé missina Kabupaten Ciamis ku anjeun.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu turut-tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Langkung ti payun neda nyuhun maklum nya paralun miréh sim kuring dina medar ieu carita kirang tata titi duduga peryoga, maklum keuna kana paribasa: “ciri sa nagri cara sa désa jawadah tutung biritna sa carana sa carana” bilih aya tingkah paripolah anu kabantun ti pakampungan anu kacandak di padésaan mantak ngajantenkeun reheut kana mamanahan para wargi sadaya, sakali deui sim kuring neda sih tawakuna, hapunten anu kasuhun.

Hadirin hormateun sim kuring!

Peryogi kauninga wiréh ngadegna kota Ciamis palias sanés ladang énténg, tinangtos tina hasil prosés anu rumpil tur panjang. Sim kuring kataji ku salah sawios pupuhu anu janten Bupati Galuh anu ka genep welas, anu jenenganana Raden Adipati Aria Kusumadiningrat, anu parantos kaamanahan ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara Galuh Ciamis dina taun 1839 dugi ka taun 1886.

Saha kinten anu katelah satria linuhung kajamparing angin-angin, kakoncara ka janapria téh? Raden Adipati Aria Kusumadiningrat téh kalebet tokoh anu luhung ku élmu, beunghar ku komara —tiasa janten ngawujud ngaraga sukma ka Bapa Engkon Komara— jenenganana nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan élmu linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara latén. Maréntah adil palamarta,
wedi asih ka rahayat.

Pamaréntah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam Paksa téa. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 ogé geus dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan nu tumali jeung komoditi kopi téh.

Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu cipruk imata, cenah geuning “Dengkleung dengdék, buah kopi raranggeuyan. Ingkeun sadérék, ulah arék dihareureuyan“, gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancén gawé tanam paksa.

Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur séjén saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel. Tétéla di Kabupatén Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat téh, tapi ogé nila. Proyék nila ieu pisan anu nimbulkeun insidén Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana téh.

Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu baé Kangjeng Prebu bati sedih jeung prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila, bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokoprot kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung kulawarga, sapopoéna kudu ngagugulung kebon kopi jeung entéh. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Déngdék téh.

Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu téga nyaksian rahayat kasiksa ku katelengesan pamaréntah kolonial. Pikeun ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gawé tanam paksa henteu tepi ka lieuk euweuh ragap taya, énggal ngagederkeun pangwangunan, kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersiér jeung sekundér katut dam-dam anu tohaga.

Tepi ka ayeuna aya kénéh solokan Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.

Saterusna Bupati anu beunghar ku élmu panemu turta henteu tiasa kulem saméméh babakti ka rahayatna téh, muka lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal calon pangantén lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat pangantén ngawalan rumah tangga.

Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis nyolontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh teu kungsi lila ogeCiamis sohor jadi gudang kalapa pangma’murna di Priangan wétan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeunku para pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe Yén jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin ogé kantun ngaran, sumawonna nu séjénna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadéséh ku minyak kalapa sawit jeung minyak goréng séjénna.
(pangandaraninfo.com)
-----------------------------------------------------------
Gratis 100 contoh pidato tanpa syarat apapun?kik disini
atau mau yang ini? klik sekarang CD koleksi 100 contoh pidato dalam format Ms Word.
-----------------------------------------------------------

Tidak ada komentar:

Posting Komentar